Nitis Ngawanci Sastrahing Jendra

Cur pulung Mandala Agung,
– Mandala Sastrahing Jendra,
– Mandala Hayuning Ratu,
– Mandala Pangruwating Diyu,
– Mandala jatining rasa Geus ngucur jati rahayu,
– Jati Langit Lohing Mahpud,
– Nitis Bumi Loh Jinawi,
– Nitis sumereping ati,
– Ati kula ati Sunda,
– Matarema Insun – Dia,
– Ati rasa nu sajati,
– Nu ngancik na jero diri.
Pur ngempur cahyahing Mandalajati, nu ngebrak gilang gumilang, Nu hurung jero kurungan
Pur ngempur Mandala Agung Cahyahing gilang gumilang Nu nyaangan Pawenangan Sastrahing Jendra Hayuning Ratu Pangruwating Diyu PANGGUMULUNG “keun upayakeun” Mandala Jati kana “kun fayakuning” Mandala Agung.
Rep rerep sumerep-hing gumulung nyarungsum balung Tis nitis tumitis-hing ngagetih ngaati Jleg ngadeg Sastra-hing Jendra Hayun-hing Ratu Pangruwat-hing Diyu Nyurup ngamanusa Sunda Dina adegan Khalifah,

Tinggalkan komentar